Share |

Jumat, 24 Juni 2011

Galeuh Pakuan

Kocap ujaring carita, baheula di wewengkon limbangan aya hiji kaprabuan kamashur ka mana-mana kakoncara ka janapria, ngaran eta kaprabuan yaktos KERTARAHAYU. Ari anu jadi narpati eta kaprabuan harita Prabu LAYARAN WANGI, nelah ka beh dieunakeun Sunan Rumenggong.
Nyurup jeung ngaran kaprabuan kaayaannana sumur makmur, gemah ripah loh jinawi, patani marukti, padagang sarenang sepi paling towong rampog, aman tengtrem kertaraharja, tur tingtrim paripurna. Kertarahayu harita nagara nu pinuh berkah tur aya dina kasalametan
Prabu Layanan Wangi kagungan putra dua, putri nu geulis kawanti-wanti endahna kabina-bina, bulu socana carentik soca cureuleuk, damis kempot, lambey nyempring, pinareup cumengkir gading, angkeng lengkek papanting, imbitna dempok biola matak moho nu nenjo. Angkatna lir macan teunangan ngalenghoy ari amengan metikan kembang di taman. mun pareng sore ngalantung na mangsa sariak layung nganggo acuk sutra wungu ngalantung ka sisi empang, lauk nu sagede pingping ngagulung patumpang-tumpang bakating papada hayang ningal pingping nu ngalangkung.

Putri BUNIWANGI, gede bagja gede milik keur lalaki nu ngamilik. Anu geulis puti BUNIWANGI bubuhan turunan menak alus rupa hade watek. Ka mashur ka unggal lembur, ka koncara ka mancanagara, mungguh kageulisannana rea nonoman nu parna kaedanan ku mantena.
Ari karesepna eta putri nganggo warna-warna kembang nu sareungit dina rambutna nepi ka meleber sengitna nyambuang ti kaanggangan numawi putri BUNIWANGI kagungan jenengan lain nyaeta Rambut Kasih ku tina pohara senengna miara rambut bari diseungitan. Cag, heula carita Putri BUNIWANGI di Kaprabuan Kerta Raharja. Keun urang tunda di hanjuang siang geusan alaeun, urang simpen di handeuleum sieum geusan sampeureun. Pindah carita, kocapkeun di Pakuan Pajajaran, Prabu Siliwangi ngagaduhan gandek ngaranna Aki Haruman. Pagawean sapopoe Aki Haruman dibere pancen ku raja moro sasatoan make alat sumpit.
Dina hiji poe Aki Haruman lunta morona ka beulah wetan, nepi ka tengah poe Aki Haruman tacan meunang boroan, padahal geus sababaraha pasir, bukit jeung gunung dijugjugan. Di hiji gunung nu aya di wewengkon tatar Garut kiwari, Aki Haruman ningal hiji cahaya di beulah kaler sisi wahangan Cipancar. Disidik-sidik ti kadeukeutan nyata cahaya the kaluar tina awak hiji putri nu keur siram. Aki Haruman tumarungpang panasaran, kakara saumur dumelah di alam dunya ieu ningal hiji wanoja sampulur paripurna taya cawadeunana. Aki Haruman teras naros :
“Nden Putri ! hapunten Aki kumawantun bade tumaros manawi Nyi Putri teu bendu kalbu”, nu ditaros ngarenjag barang ngadangu nu sasauran. “Dupi Nyai Putri the nu timana ? saha kakasih ? saha Ibu Rama ? taros Aki Haruman merekpek bari teu weleh neuteup kanu geulis”. Nyi Putri ngawalon alon bari ngareret ka Aki Haruman,”Sim abdi wasta BUNIWANGI, jeung rama Prabu LAYARAN WANGI, narpati di Kaprabuan Kerta Rahayu”. Barang ngadangu waleran Putri BUNIWANGI ngajawabkeun, gerentes manahna :”Teu salah ti panyangka ieu wanoja teh  bener wae terah raja.” Saterusna Aki Haruman ngajelaskeun yen manehna ti karajaan Pajajaran nuju mancen tugas sapopoe ti raja moro sasatoan.
Singkat carita, kajadian panggih jeung Nyi Putri BUNIWANGI ti Kaprabuan Kerta Rahayu dicaritakeun ku Aki Haruman ka Prabu Siliwangi. Pok Sang Prabu cumarios:”Janten Aki mendak eta Putri teh di hiji gunung ?” Teu kapindo Gusti… nalika di sababaraha pasir sareng gunung suwung sasatoan, nya di gunung nu pamungkas ti katebihan katingal aya cahaya ngempur di sisi wahangan Cipancar. Aki panasaran lajeng dicaketan, are pek ……kaulanun geuning ……. Putri geulis camperenik titisan dewa dewi…. Terah raja di Kaprabuan Kerta Rahayu.” Waler Aki Haruman panjang lebar ngajelaskeun naon-naon nu geus kaalaman nalika mendakan PUTRI BUNIWANGI.
Ehm, bagja keurmanjangan…. Ki ! ti semet ayeuna eta gunung tempat Aki ningal cahaya ku kaula dingaranan Gunung Haruman. “ Ki….! Cobi angkir linggih Gajah Manggala sareng Arya Gajah ka payuneun kaula.” Saur Prabu Siliwangi ka Aki Haruman. “Imbalan, Gusti Prabu…… waler Aki Haruman bari teras amit mungkur kaluar ti karaton. Teu lami sawatara harita, sumping Gajah Manggala sareng Arya Gajah, sedok nyembah bari pok :”Bade aya pikersaeun naon Gusti Prabu…”
“Kieu nu matak diangkir, wayahna poe ieu keneh andika duaan kudu ngajugjug ka kaprabuan Kerta Rahayu!” bejakeun ka raja yen kaula rek ngalamar anakna nu ngaran Nyi Putri BUNIWANGI, kaharti?” saur Prabu Siliwangi. “Teu kapindo Gusti Prabu, kahartos pisan.”waler dua pangagung karajaan pajajaran.
Kocapkeun Gajah Manggala, Arya Gajah, Aki Haruman katut sababaraha urang pangiring teu kakantun pakakas alat perang lengkep disiapkeun rek ngalamar Putri BUNIWANGI. Sang Prabu amanat cenah lamaran eta kudu kapetik ati, ka ala buah jeung tong balik satungtung can hasil. Singket carita, Gajah Manggala, Arya Gajah katut pangiring nu lain geus nepi ka Kaprabuan Kerta Rahayu. Gajah Manggala ngadugikeun lamaran Raja Pajajaran ka Prabu LAYARAN WANGI. Lamaran eta di dugikeun deui ku Prabu LAYARAN WANGI ka Putrina. Tapi Nyi Putri nampik, alesannana pedah Prabu Siliwangi geus ngagaduhan istri leuwih ti saratus urang.
Nyi Putri ngadadak leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, pada neangan weleh teu katimu, ngan seungitna nu kaangseu. Ti saprak kajadian eta timbulna ngaran Kampung Buniwangi nepi ka kiwari. Diteangan deui ka tiap tempat. Di hiji kampung Nyi Putri ngajirim deui supaya katingal ku Ibu Ramana, sabab anjeuna teu tega ibu ramana nandang katunggara. Anjeuna ningalikeun maneh di hiji imah sempil. Nyi Putri ku Ibu Ramana diwujudkeun supaya narima lamaran raja Pajajaran, sabab lamun nolak bakal maksa mirusa. Diwujudkeun deui ku ramana yen nu wajib di jungjung, dihormat aya lima perkara, nyaeta, guru, raja, ibu rama, mitoha jeung lanceuk nu cikal. Saterusna dijelaskeun deui ku ramana yen jatukrami jeung Raja Pajajaran dipalar supaya nurunkeun turunan raja. Pamustungannana Nyi Putri sadar tur nampi lamaran Prabu Siliwangi saterasna Nyi Putri BUNIWANGI kersa dipigarwa ku Prabu Siliwangi.
Selang 10 taun ti basa jatukrami Nyi Putri BUNIWANGI ngagaduhan putra kembar pameget, Basudewa sareng Uman Sanjaya. Duanana putra Nyi Putri teu calik di Pakuan Pajajaran tapi dicandak ku eyangna ka Kaprabuan Kerta Rahayu. Ku eyangna Basudewa sareng Uman Sanjaya dididik nyuprih ilmu pangaweruh jasmani sareng rohani, kanuragan jeung sajabana.
KAPRABUAN DIBAGI DUA
Kacaritakeun di Karaton Kaprabuan Kerta Rahayu PRABU LAYARAN WANGI nuju sinewaka hempak merbayaksa di payuneun para pangagung kaprabuan. Teu kakantun papatih, katut para Mantri, punggawa sami rawuh. Prabu LAYARAN WANGI calik dina korsi singgasana, pok ngalahir :
“Patih, Para Mantri, Ponggawa oge ka sadayana nu sami rawuh di tempat ieu.” Sang Prabu sakedapan ngarandek, pok deui :
“Numawi kaula ngangkir linggih ka arandika aya sababaraha hal anu perlu disawalakeun ngeunaan kaayaan kaprabuan Kerta Rahayu ka hareup lamun geus kaula ninggalkeun alam pawenangan ieu. Sadayana parantos pada uninga kaula boga anak dua, sajodo, ngan adina nu awewe geus welasan taun teu di Kerta Rahayu sasat dicandak ku carogena ka Pakuan Pajajaran tisaprak nikah.”
“Dawuh timbalan Gusti Prabu….saur Patih Jayayuda bari cedok nyembah. Ari Munding Wangi memang aya di dieu, tapi jiga manehna the geus hayang nganarpatian ieu nagara, saur PRABU LAYARAN WANGI bangun au bingung.
Jayayuda
“Hapunten, Gusti Prabu ….awon kapiunjuk, manawi teu rengat galih, dupi nu janten bangbaluh emutan Gusti Prabu danget ieu the perkara naon ? Mantri Wirajaya enggal naros ka Prabu LAYARAN WANGI”. Sang Prabu sakedapan ngahuleng, teu lami pok ngawaler :”Kieu Mantri, oge sadayana nu hadir :”Kaula boga maksud mutuskeun ti ayeuna ieu Kaprabuan rek dibagi dua.” Prabu LAYARAN WANGI ngarandeg sakedapan. Teu lami ngadawuh deui: “Beulah kuloneun wahangan Cipancar, daerah ieu rek dipasihkeun ka anak kaula nu cikal Munding Wangi. Sedengkeun daerah kalereunnana dipasihkeun ka Buni Wangi, adina.” Sateuacana Sang Prabu neraskeun sasaurannana, Patih Jayayuda enggal mairan, pokna :
“Ampun paralun Gusti Prabu …saupami abdi Gusti diwidian cumarios sim abdi bade aya nu dipiunjuk kaulanun.” Bari cedok nyembah.
“Ehm, teu jadi wagelan, mangga Patih! Naon nu rek diunjukkeun ka kaula?” taros Sang Prabu. “Namung hapunten sateuacana dampal Gusti….bari raos perkawis Kaprabuan bade dibagi dua saena saheulaanan ditunda, saur Patih Jayayuda.
“Maksud Patih kumaha?” “Pangemut abdi saena Gusti Prabu enggal mutuskeun Kaprabuan Kerta Rahayu sagemblengna dilungsurkeun ka Prabu Munding Wangi nyalira, waler Patih”. “Ke…ke…ke, apan Munding Wangi the boga adi !” pastina sarua bakal nuntut kalungguhan, najan manehna awewe ge. Prabu Layanan Wangi ngeceskeun. “Maksad sim abdi … Nyi Putri Buniwangi mah moal karooh bade nuntut bagean kana Kaprabuan margi anjeuna parantos janten Prameswari Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, tinangtos moal kapincut ngemutan kana kalungguhan di Kerta Rahayu, kaulanun”. Waler Patih Jayayuda.
Barang ngadangu kajelasan patihna Sang Prabu ngarandeg sakedapan bari ngarenghap. Teu lami pok sasauran deui
“Enya, bisa jadi kitu”. Kanyataan patih. Cik nu lain, harita ponggawa oge panasehat Agung bisi boga pamanggih sejenna, prabu LAYARAN WANGi mere kasempetan pamadegan ka nu hadir. Teu sawatara lilana, cedok Mantri nyembah pok cumarita;”Ampun paralun ….hapunten nu kasuhun Gusti Prabu, sim abdi bade unjukkan sanes agul ku payung butut, asa aing uyah kidul, teu pisan-pisan. Bawi raos sateuacana perkara ieu saupami bade mutuskeun sakumaha pamendak Kakang Patih, bawi raos, kedah diuningakeun heula ku Nyi Putri Buniwangi, malah mandar teu janten ramat kamale di engkena.” Kitu nu kapiunjuk…kaulanun.” “Bener pisan mantri…isuk kaula rek ngutus gulang-gulang ka Pakuan Pajajaran.” Prabu LAYARAN WANGI ngajentrekeun. Nu haladir pada-pada ngarusap dada jiga nu teu ngarasa bebas tina bangbaluh. Sinaweka bubar manjing tengah poe, Karaton Kaprabuan Kerta Rahayu katingal kosong molongpong kecuali sababaraha gulang-gulang.
Kocapkeun isukna dua gulang-gulang nunggang kuda katingal kaluar anca ti pakarangan karaton. Nu lunta diiring ku teuteupan Prabu LAYARAN WANGI sareng patihna, para mantri, ponggawa jeung para pangagung karajaan sejenna. Teu kacatur di jalanna dua gulang-gulang utusan Prabu LAYARAN WANGI geus nepi ka puseur dayeuh Pajajaran. Waktu harita di Karaton Prabu Siliwangi nuju suwung angkat moro ka Gunung Gede, Premswari sareng emban-embanna nuju di kaputren.”Bibi…”. “Kaulanun Gusti aya pikersaeun naon?” saur dua emban bari cedok nyembah payuneun Putri Buniwangi. “Cing kajeujeung ku bibi naon nu aya dina jero Pakuon kaula ayeuna? Taros Putri Buniwangi ka dua emban.
“Ampun paralun  Gusti…tangtosna bibi mah teu uninga” waler emban nu hiji, emban nu lainna nuturkeun ngawaler “Awon kapiunjuk Gusti, pangemut sim abdi Gusti Ratu tangtosna nuju ngemutan Sang Prabu, mugi ulah lami lunta.
“Huss, si bibi mah kamana bae. Nepi ari perkara eta mah sakuduna. Apan ari nu jadi garwa the estuning kudu ngabakti ka nu jadi caroge nejana lahir batin…maksud kaula perkara salian ti eta”. Nyi Putri negeskeun ka dua emban. Saterasna ngadawuh deui:”Bibi …bisi hayang apal naon nu keur dipikiran ku kaula ayeuna taya lain dua anak kaula nu geus 15 taun aya di eyangna di Kaprabuan Kerta Rahayu can panggih jeung kaula, geus sagede kumaha hanteu Uman Sanjaya jeung Basudewa.” Saur Putri Buniwangi ngalengis bari nyawang, teuteupan kosong.
“Gusti…punten sanes mapatahan ngojay ka meri, naek ka monyet, bawiraos, saena mah tuang putra kapungkur di dieu wae…tong sina ngiring ka eyangna”, hiji emban mairan. “Nyaeta , bibi ..ayeuna kaduhungna mah.”Tapi keur kaula mah kitu ge sabenerna aya hadena balukarna cicing di Pakuan Pajajaran. Nu gunem catur kaeureunkeun ku hiji gulang-gulang nu datang ka kaputren.
“Sampurasun….gulang-gulang datang ka kaputren semu rusuh”. “Rampes…waler Putri Buniwangi sareng emban-emban ti lebet meh bareng. Katingal gulang-gulang lebet ka kaputren cedok nyembah ka Putri Buniwangi, bari pok “Hapunten nu kasuhun sim abdi parantos ngaganggu nu nuju leleson”. “Teu sawios mamang, aya naon asa rareuwas”, NyiPutri semu kaget tur panasaran. “Gusti Ratu sim abdi seja ngaunjukkeun wireh di luar aya gulang-gulang ti Kaprabuan Kerta Rahayu palay nepangan Gusti Ratu” saur eta gulang-gulang.
Barang ngadangu waleran gulang-gulang aya tamu utusan ti Kerta Rahayu, putri Buniwangi guligah manahna , bingah amar watasuta bingah ka giri-giri. Sakedapan socana molotot mata simeuteun asa percaya asa teu percaya kana beja ti gulang-gulang. Ayeuna sadar bari cengkat naros pupus kabungah, “baruk aya utusan ti kangjeng Rama? Enggal sina kadieu. ”
Gulang-glang undur kaluar ti ka kapulieun. Teu lami datang deui bari nyungkem 2 utusan ti Kerta Rahayu.
“sampurasun gusti putri” ceuk eta utuan ti Kerta Rahayu bari cedok nyembah.
“rampes….. kalian mamang”  kumaha Raman Prabu iberna aya kawilujengan”.
“pangestu…. Aya panghibar ti numaha kawasa ” waler eta utusan .
“aya naon mamang teh ? tangtos dijurungan ku Rama Prabu nya? ” taros putri Buni Wangi.
“leres teu kapindo nyi Putri” waler eta utusan.
” pek geura jentrekeun ka kaula, mamang”
Derekdej bae utusan ti Kerta Rahayu teh nyaritakeun naon nu geus dimusyawarahkeun ku Prabu Layaran Wangi jeung para angagung kaprabuan. Dicaritakeun oge rencana sang Prabu rek ngaragragkeun kalungguhan ka raden Mungding Wangi.  Ku hal eta Prabu layaran Wangi ngutus gulang-gulang ka Pakuan Pajajaran rek menta kasaluyuan ti Putri  Buniwangi ngeunaan rencana ramana tea. Barang ngadangu kasauran gulang-gulang kitu, paroman Nyi Putri reup geuneuk ray pias, pameunteu jiga beusi atah beuleum nahan amarah. Sadar kana hal eta enggal Nyi Putri nyumputkeun paraosan bari sasauran ” ehm……kitu rupina, mamang!” sakedapan nyi putri ngarandeg sasauran, lajeng “mamang, wayahna ayeuna keneh mulang ka Kerta rahayu, wartoskeun k Rama Prabu, wartoskeun ka Rama Prabu Putri BuniWangi ngagaduhan putra kembar dua nu dirorok ku Rama Prabu. Hak-hak kaula kana kaprabuan Kerta Rahayu lain harti leungit sama sakali ku alatan kaula di barang jadi prameswari di Pakuan Pajajaran. Tah kitu jawaban kaharti mamang?”
“kahartos …. Pisan Nyi Putri ” waler gulang-gulang
“bral geura miang bisi kapeutingan di jalan ”
“sumangga, Nyi Putri undur pangestu” saur eta utusan bari cedok nyembahundur ti kaputrian teras harita ti eta tempat mulang ka Kerta Rahayu.
Kocap di Kerta Rahayu Layaran Wangi di Karaton nampi utusan nu anyar datang ti Pakuan Rahayau dua gulang-gulang sang Prabu muka carita di hareupeun Patih, para mantri tur nu hadir.
Sang Prabu ngadawuh “hey Patih, para mantri, para ponggawa oge para pangagung.”
“timbalan gusti prabu….”waaler nu haladir di karaton meh bareng.
“sumangga ayeuna….. urang banungan ieu gulang-gulang nu tos di utus , pek geura jentrekeun kumaha ketak anak kaula Putri Buniwangi kana rencana kaula ?”
Sanggeus ngadangu sang Parabu miwarang ngajelaskeun hasil pertemuannana jeun Putri Buniwangi teu diengkekeun deu derekdek bae gulang-gulang nepikeun sakumaha nu geus diamanatkeun ku Putri Buniwangi sakecap oge, teu aya nu kaliwat.
Barang ngadangu katerangan gulang-gulang kitungadadak sang Prabu cengkat tina korsi singgasanana, pameunteu beureum lir beusi atah beuleum soca molotot beuki kumerot. Pok sang Prabu ngadawuh, “kurang ajar…. Buniwangi, geus wani-wani wangkelang”.
Nu hadir jempe lir gaang katincak teu aya sora ngarenghap-ngarenghap acan.
“Patih, kumaha pamandang andika?” Sang Prabu menta bongbolongan  ka patihna.
“daawuh timbalan gusti…. Bakti raos….. sagala kaputusan ngeunaan kaprabuan teu aya nu langkung paos iwal ti gusti Prabu ku anjeun , numawi kitu ….. sagala wangsul deui ka salira gusti Prabu” waler Patih Jaya Buana.
“Ampun…. Paralun, hapunten nu kasuhun sateuacanna sim abdi nyungkeun widi bade ngaunjukeun kamandang luyu  sareng nu peredih ku gusti Prabu tadi,” salah saurang panasehat teras sasauran deui.”Dina leresan ieu mugi kawanti ku sadayana nu hadir oge, sim abdi sakedik bade muka sajarah kaprabuan Kerta Rahayu ti kawit diadegkeun tug dugi ka ayeuna” caritaan panasehat agung karajaan teu kebat kumargi dipotong ku sang Prabu, pokna ” ke….ke….ke…. panasehat kumaha ieu teh bet jig-jig kana muka sajarah dipalar ku kaula mah ngeunaan kumaha carana ngungkulan anak kaula Putri Buniwangi, naha basana teh ibarat di titah ka kidul ieu mah kalaka indit  ka kaler moal nyambung, cik nu ieuna we atuh!” panasehat sakedap ngarenghap teras kedal lisan ” sumuhun maksad teh engkena mah kadinya pucukna teh namung sim abdi nyuhunkeun widi bade ngawitan ti puhuna heula, supados beres entep  seureuhna, puguh jujutannana.” Waler panasehat agung.
Sabot kitu teu kanyahoan celengkeung salah saurang milu nimbrungku ngarasa kesel ngabandungan gunem caturna sang Prabu jeung panasehat agung, pokna “awon teu kapinjuk kaulanun nyuhunkeun widi abdi bade unjukan abdi gusti
“pek mantri, langsung bae !” waler sang Prabu.
“pangemut sim abdi dina hal nu ngeunaan kawijaksanaan kaprabuan, sim abdi supadeos sareng kamandang kakang Patih Jaya Buana, ringkesna sagala rupi hal wangsul deui ka salira pangjenengan timbang taraju aya di dampal gusti” mantri ngarandeg sasaurannana. Kitu deui sang prabu sareng nu hadir sanesna lajeng “namung sakedik aya nu peryogi diemutkeun rehing Gusti Prabu teh estuning kakoncara pinandil tur wijaksana , leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laer aisan teu cueut kanu beureum kana sagala rupi perkara asak jeujeuhan. Manawi sim kuring percanten ka salira Gusti…sadaya-daya. Barang ngadangu sasauran mantri kitu nu haladir jarempe sakedapan, teu lemek teu nyarek, teu lami kakuping sora saur manuk ti nu haladir, “Kairing kaulanun….sumangga ngiringan!”.antukna musyawarah resngse kalayan ngahasilkeun kasapakatan sang Prabu bade nedunan kahoyong putri Buniwangi kaprabuan di bagi dua.
Ti leuleutik keur umur 5 tahun putra kembar Putri Buniwangi Hande Limansenjaya sareng Wastu Dewa dicandak ka Kerta Rahayu. Sajeroning dirorok ku eyangna Raden Hande Limansenjaya sareng Wastu Dewa dibere didikan sakumaha ilaharna ka Rajaputra (Putra Mahkota) alam harita.
Dina hiji poe waktu carangcang tihang Prabu Layaran Wangi ngahaja ngangkir linggih putuna, Raden Hande Limansenjaya sareng Wastu Dewa ka Karaton. Di lebet Karaton tos katingal, Raden Hande sareng Wastu Dewa calik marendeko payuneun Eyang Prabu. Pok Eyang Prabu sasauran :
“Raden, Putu Eyang, kadieu duanana sing caket !”
“Timbalan …. Eyang”. Waler Raden Hande sareng Wastu Dewa meh bareng bari lalaunan ngangsrod nyaketan Eyangna. “Tah kitu kasep.” Geus 12 taun hidep duaan dipeuseuh ku Eyang. Sagala kabisa Eyang boh jasmani boh rohanina, atawa lahir batinna eunggeus diketrukeun ka hideup. Kiwari umur hideup geus nincak 17 taun, asup kana baleg, geus bisa diajar hirup mandiri, bisa milah-milah mana jalan nu sakuduna dipilampah. Poma ulah boga rasa aing uyah kidul, nganggap diri sagala-galana luhur ti batur. Komo bari jeung boga rasa ujub takabur mah. Sifat-sifat model kitu nu kudu dipahing salawasna. Mungguh ari sifat manusa keuna ku kakurangan, kalemahan, teu sampurna tina sagala perkara. Kasampurnaan mung kagungan Hyang Widi. Tapi sanajan kitu ulah jadi leutik hate, nu penting hidep ulah kendat nyuprih elmu pangaweruh boh lahir boh batinna pikeun bekel hirup mangsa ngambah sagara kahirupan engke. Sabab hidep duaan hiji hiji mangsa bakal mingpin ra’yat nu baris jadi tanggung jawab anjeun lahir batinna. Sakedapan Prabu Layaran Wangi ngarandeg bari ngarenghap. Teras neuteup ka Raden Hande Limansenjaya sareng Wastu Dewa, pok sasauran deui : “Kumaha kasep, kahartos cariosan Eyang tadi ?”
“Dawuh timbalan Eyang kahartos pisan kalayan diestukeun.” “Syukur bagja komayangan … hidep boga niat rek ngaestukeun piwuruk-piwuruk Eyang. Deuih regepkeun! Ari manusa aya babasan “Leutik ringkang gede bugang”. Kahartos meureun ku hidep ma’na babasan eta?” taros Eyangna.
“Teu kapindo, Eyang …” Waler nu ditaros meh bareng . “Heueuh …syukur ari kahartos mah. Eyang ngarasa reugreug ka hidep duaan. Utamana deuih, omat ulah boga niat rek mopohokeun ka Indung Bapa sanajan hidep duaan estuning ti kirik nepi ka sagede kecik, ceuk paribasana, cicing di Eyang. Sabab, apan ari iIndung the tunggul rahayu Bapa tangkal darajat.” Kitu sasauranna Prabu Layaran Wangi nu munel ku piwuruk.
Kocap carita sababaraha taun ti waktu Prabu Layaran Wangi masihann piwuruk ka Raden Hande Limansenjaya sareng Raden Wastu Dewa , Kaprabuan Kerta Rahayu dibagi dua. Beulah kaler dipasrahkeun ka Prabu Munding Wangi nu dingaranan Kaprabuan Dayeuh Manggung. Ari beulah kidulna dipasrahekeun ka Putri Buniwangi dingaranan Galeuh Pakuan. Tapi satuluyna ku Putri Buniwangi Kaprabuan Galeuh Pakuan dipasrahkeun ka Putra cikalna Prabu Hande Limansenjaya. Anapun putrana nu kadua Prabu Wastu Dewa dipasihan kakawasaan di Kaprabuan Sudalarang ucahan ti Galeuh Pakuan. Tangtuna Kaprabuan Sudalarang mah leuwih leutik aweuhan wilayah kakawasaannana batan Galeuh Pakuan. Ku hal eta sabenerna urut wilayah kaprabuan Kerta Rahayu teh direcah jadi tilu Kaprabuan. Tapi dina mangsa lajuning lampah diantara tilu Kaprabuan eta, anu teges natrat ngalalakon dina panggung sajarah Limbangan mah Kaprabuan GALEUH PAKUAN. Munasabah mun Galeuh Pakuan eces, jentre mekar tur jembarna dina jut-jutan sajarah Limbangan nepi ka Garut kiwari.
Dina mangsa Prabu Hande Limansenjaya nganarpatian Galeuh Pakuan Agama Islam parantos ngarasuk ka masyarakat. Islam sabage agama anyar teu matak hese tumerapna, balukarna ra’yat Galeuh Pakuan loba nu genti kayakinan tinu heubeul ka agama anyar eta.
Prabu Hande Limansenjaya kagungan putra pameget hiji-hijina, nu jenengan Raden Jayakusumah. Ieu putra Raja estu geus katarik ati kabenum kalbu ku ajaran-ajaran Islam sanajan anjeuna cicing di karaton.
Kajadian lobana masyarakat Galeuh Pakuan arasup Islam tangtuna henteu leupas ti ku kasabaran, katabahan, kajembaran, kamotekaran Keyan Santang dina enggoning nyebarkeun ajaran Islam di wilayah eta.
Hiji mangsa waktu Keyan Santang ngalaksanakeun Syiar Islam di basisir kaler, aya kereteg manahna hoyong nyebarkeun Agama Islam di Kaprabuan Galeuh Pakuan. Waktu harita nu nganarpatian eta Kaprabuan masih Prabu Hade Limansenjaya, Nalika Keyan Santang sumping ka karaton Galeuh Pakuan, Prabu Hande Limansenjaya heunteu kasondong, suwung. Anu aya ngan putrana nu jenengan Adipati Limansenjaya Kusumah. Keyan Santang naros ka Limansenjaya Kusumah: “Ari rama nuju kamana?”
“Awon teu kapiunjuk rehing rama Prabu nuju nyepi di Gunung Mandalawangi di lebah Pasirjengkal (Wanakerta Cibatu ayeuna mah)“ waler Adipati Limansenjaya Kusumah. Ngadangu waleran Limansenjaya Kusumah kitu Keyan Santang miwarang nyusulan: “Susul ku hidep ka tempat panyepian sarta unjukeun amanat ti Eyang, tuang rama kedah lebet agama Haq, nyatana Islam”.
Teu kantos lami bral wae Sang Putra angkat ngabujeng ka Gunung Mandalawangi tempat panyepian Ingkang Rama, teras ngunjukkeun amanat anu katampi ti Keyan Santang. “Hapunten Rama Prabu…parantos ngaganggu kahusuan Jeng Rama, rehing Tuang Putra kasumpingan Eyang Keyan Santang kedah ngadugikeun amanat ka Rama Prabu, saur Limansenjaya Kusumah bari calik sinembah.”
“Ehm…naon cenah amanat Eyang teh?” taros Prabu Hande Limansenjaya lugay tina mujasmedina.
“Ingkang Rama kedah lebet Islam.” Waler Limansenjaya Kusumah. Barang ngadangu kitu Prabu Hande Limansenjaya sakedapan ngahuleng jiga nu liwung, teu lami pok sasauran : “Kasep, wartoskeun ka Eyang Keyan Santang, Apa mah kapalang geus kolot geus cueut ka hareup, pek bae hidep abus Islam sakalian ngagantian Ama ngeusian Karaton ngolah Nagara Galeuh Pakuan.”
Seingket carita Limansenjaya Kusumah sumping deui ka Karaton Galeuh Pakuan ngadugikeun ka Eyang Keyan Santang wireh ramana moal lebet Islam bade pengkuh ngagem kayakinan heubeulna, nyatana Hindu. Saparantos terang jawaban Prabu Hande Limansenjaya Keyan Santang naros ka Limansenjaya Kusumah : “Kumaha ari pamadegan hidep, kasep?”
“Hapunten anu kasuhun Eyang, sanes sim abdi teu aya maksad lebet Islam namung bade unjukkan heula ka Tuang Eyang Buyut Kerta Rahayu” waler Limansenjaya Kusumah. Keyan Santang mafhum enggal wae ngawidian Limansenjaya Kusumah. Ku hal eta Limansenjaya Kusumah henteu gasik nampi kana parentah ramana kedah lebet Islam tapi unjukkan heula ke Jeng Eyang Buyut nyatana Kanjeng Prabu Layaran Wangidi Karaton Kerta Rahayu. Sasumpingna ka Karaton Kerta Rahayu teras unjukkan rehna geus kasumpingan Keyan Santang, sifat Eyang ti gedengna anu parantos miwarang lebet Islam. Kanjeng Prabu Layaran Wangi kalawan mintonkeun kawaspadaan anu pohara luhungna : “Buru-buru eta parentah kudu dijalankeun ku hidep kasep, ingetan Uyut mah Agama eta pisan nu leuwih alus.”
Kocapkeun Limansenjaya Kusumah resmi lebet Islam anu salajengna janten pangiring satia Keyang Santang. Tampalahna jadi hiji tokoh panyebar Islam di tatar Garut palih kaler anu ageung jasana. Limansenjaya Kusumah ngayakeun da’wah Islam dibarengan ku teuneung ludeung, leber wawanen. Sanajan boga gelar Adipati di Galeuh Pakuan tanggung jawabna kana kamekaran jeung kajayaan Islam leuwih digedekeun nu antukna anjeuna leuwih merenah disebut Ulama tibatan Sang Adipati. Aya kacindekkan Adipati Limansenjaya Kusumah hiji tokoh gegeden Limbangan anu pangmunggarana ngagem Agama Islam. Patali ku gede jasana dina ngalaksanakeun da’wah tur Syi’ar Islam di Galeuh Pakuan anjeuna dipaparin keris nu ditulisan lafadz “Laa iqraha fiddien” ku Keyan Santang alias Sunan Rohmat Suci. Keris model kitu teu sambarang nu miboga anging jalma anu geus kacida gede jasana dina nanjeurkeun Islam.
GALEUH PAKUAN GANTI NGARAN JADI LIMBANGAN
Hiji mangsa dina wanci haneut moyan di alun-alun Galeuh Pakuan katingal ra’yat geus ngajengjreng pasedek-sedek teu serikna hese usik. Poe eta ra’yat rek nyaksian Raden Limansenjaya Kusumah diistrenan jadi Adipati di Galeuh Pakuan ngagentos Igkang Rama Prabu Hade Limansenjaya.
Hawar-hawar sora tambur jeung tarompet disaradakeun tangara panggantian pangawasa Galeuh Pakuan rek lumangsung. Kaluar ti Karaton katingan abringan para pangagung ngabujeng babancong. Dina abringan pangpayunna jengjrengan para ponggawa, di pengkerna aya tilu jalmi Sang Walendra Prabu Hande Limansenjaya, Limansenjaya Kusumah sareng papatih diiringkeun ku para mantri sareng panasehat agung. Kira-kira saratus lengkah ti Karaton jog abringan para pangagung anjog kana lawang babancong. Teras Sang Prabu sareng Raden Limansenjaya Kusumah diiringkeun ku patihna oge para mantri katut pangagung sanesna naek kana babancong. Di babancong tos disayogikeun korsi kangge calik Sang Prabu nu bade undur kaprabon sareng Limansenjaya Kusumah anu bade naek kaprabon.
Babancong mayunan alun-alun mahadep ka beulah kaler. Di alun-alun rahayat pasedek-sedek bari sarurak sukacita bungah rehing Raden Limansenjaya Kusumah bakal diistrenan. Sora tambur jeung tarompet henteu eureun disadakeun. Tapi nalika Sang Prabu cengkat tina tempat calikna jep sora raramean teh simpe sumawona nu sarurak ge lir gaang katincak. Katingal Prabu Hande Limansenjaya ngareretan ka ra’yatna nu uyek di alun-alun payuneun. Teu lai Sang Prabu ngalahir :
“Hey ! ra’yat Galeuh Pakuan sakabeh ! niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu waluya poe ieu saraksian ku sadayana nu hadir, kaula rek ngaragragkeun kalungguhan ka anak kaula Raden Limansenjaya Kusumah.” Barang nguping kasauran Rajana kitu rahayat nu nyaksian di alun-alun ger sarurak pohara bungahna. Prabu Hande Limansenjaya gep nyandak makutakarajaan teras rap dianggekeun kana mastaka putrana. Rengse nerapkeun makuta karajaan, mangka ti harita pisan Raden Limansenjaya Kusumah resmi diistrenan jadi panguasa Kaprabuan Galeuh Pakuan. Rahayat kacida bungahna estuning sarukan-sukan.
Kitu ceuk ujaring carita. Sanggeus Raden Limansenjaya Kusumah jadi Narpati Galeuh Pakuan. Istilah gelar Prabu dikantunkeun digentos ku ADIPATI. Istilah Adipati tingkatanna sahandapeun Prabu dina harti legana wilayah kakawasaan tur lobana rahayat. Tapi hartina sarua bae sabage panguasa.
Dupi Prabu Hande Limansenjaya satutas ngaragragkeun kalungguhan Kaprabuan teras bae anjeuna mah angkat dijajapkeun ku patihna ngabujeng hiji pasir nu aya di wewengkon Wanaraja rada caket ka Gunung Galunggung maksad ngadon ngabagawan. Di puncak pasir nu nyingkur eta tos disayogikeun camparan batu lengkep sareng panyandaannana. Kiwari eta amparat batu sok disarebut Batu Korso. Dina batu panyandaanna aya nu dekok tilas mastakana nalika nyarande. Prabu Hande Limansenjaya leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tilem nghyang di eta pasir estuning nyorangan. Kiwari eta pasir katelah PASIR SANGHYANG.
Adipati Limansenjaya Kusumah resmi jadi panguasa ninggalkeun kana taun 1525. ari luasna Galeuh Pakuan ngawengku, mun ayeuna mah sababaraha kacamatan nyaeta Limbangan, Malangbong, Cibatu, Wanaraja jeung Karangpawitan.
Ari riwayat ganti ngaran tina Galeuh Pakuan kana Limbangan aya pakaitna jeung sajarah usaha-usaha nyebarkeun Agama Islam di wewengkon Galeuh Pakuan. Mangsa harita Kaadipatian Galeuh Pakuan kungsi dimistikkeun caos upeti ka Cirebon. Hartina Galeuh Pakuan waktu eta teu ka asup kana daerah kakawasaan Sultan Cirebon. Ngan tina jihat usaha da’wah Islam Sultan Cirebon MAULANA SYARIF HIDAYATULLAH dianggap sesepuh ku Kapala Nagara sa-daerah Tatar Sunda. Sakur nu geus abus Islam saperti : Banten, Jayakarta, Sumedang Larang, Galeuh Pakuan jeung satreusna. Tangtu Sultan Cirebon the kagungan pangaruh sarta wibawa pohara nyerepna di kalangan kapala-kapala nagara satatar Sunda.
Dina hiji waktu Sunan Gunung Djati Maulana Syarif Hidayatullah kagungan prakarsa ngayakeun gempungan kapala-kapala nagara sa-tatar Sunda nu dipingpin ku anjeuna. Mun ayeuna mah Musyawarah Besar. Ari jejer musyawarahna tangtuna ge ngeunaan soal da’wah Islam. Sunag Gunung Djati ngunikeun embaran ka masing-masing kapala di tatar Sunda : Ari dina embaran uleman paserta gempungan make diimplik-implikan ku kalimah kieu :
“SING SAHA NU TALOBEH SARTA DINA WAKTUNA DIBUKA GEMPUNGAN TACAN HADIR, ENGKE MUN CUNDUK KA PANDOPO BAKAL DIHUKUM PATI KU PAKARANG PRIBADI.”
Kacaritakeun Adipati Limansenjaya Kusumah ti Galeuh Pakuan ku susah di jalanna, turun gunung unggah gunung, ngasruk-ngasruk leuweung luwang-liwung, nya sumpingna ka Karaton Sultan Cirebon pohara leuirna. Brang sumping ka lawang (gapura) Karaton, geus ngajega dua logojo nu rek ngalaksanakeun tugas parentah Sultan Cirebon nelasan Adipati Limansenjaya Kusumah ku pakarangna (kerisna) ku anjeun. Tapi Adipati Galeuh Pakuan teh memang kasohor jajatenna. Barang logojo nu duaan tea rek ngarongkong ngarogahala, bet dadak sakala rumpuyuk weh, logojo nu duaan teh ngarumpuyuk leuleus taya tangan pangawasa lir kapas kaibunan. Eta kajadian kasaksian ku gulang-gulang jeung para jagabaya nu sejenna, tangtuna jadi geunjleung sa karaton nepi ka uninga ku Sunan Gunung Jati. Anjeuna enggal ngabujeng kalebah gapura, sarta barang ret ninggali ka Adipati Galeuh Pakuan, tuluy weh mundut keris ageman Adipati Limansenjaya Kusumah bari pok saurna the :
“Sampeyan yakin lepat, teu tiasa nyumponan uleman dina waktosna, sumping kacida leuirna. Kukituna parantos jadi titis tulis sampeyan kedah nemahan pati ku pakarang kagungan ku anjeun.”
Adipati Galeuh Pakuan kalawan kasadaran anu pohara anteban, yen disiplin Da’wah Islam kudu dicumponan, tanpa karingrang sarta dibarengan ku amanah nu ihlas pisan anjeunna nyanggakeun keris pusakana ka Sunan Gunung Jati. Tapi … Barang eta keris geus aya dina panangan Sunan Gunung Jati, ngagurilap nyacas katinggal ku Maulana Syarif Hidayatullah lafadz anu unina “LAA IQRAHA FIDDIEN (hartina : teu aya paksaan dina agama).” Atuh pohara Sunan Gunung Jati ngagebegna, lantaran anjeuna uninga pisan yen sing saha bae anu nganggo eta keris pasti kungsi sasarengan sareng Keyan Santang nyebarkeun Agama Islam.
Keris nu dicirian ku ukiran lafadz “Laa Iqraha Fiddien” dianggap hiji keris ganjaran ti Keyan Santang pikeun ngahargaan jasa-jasana dina nyebarkeun Agama Islam. Sanggeusna eta dua tokoh pada-pada tepang deui AdiPAti Galeuh Pakuan dilulungsur ku Sunan Gunung Jati ka Pandopo tempat musyawarah. Ku Sunan Gunung Jati dibewarakeun ka sugri nu hadir dina gempungan yen putusan hukaman pati pikeun Adipati Galeuh Pakuan dibatalkeun lantaran patali jeung kalungguhannana ngagem keris pangleler ti Keyan Santang nu jadi bukti kataqwaan Adipati Limansenjaya Kusumah ka Robbul Ijjati dina lakuning nyebarkeun Agama Islam. Malah Sunan Gunung Jati ngusulkeun ka para pamilon musyawarah supaya ka Adipatian Galeuh Pakuan diganti ngaranna jadi Kabupaten Imbangan nyaeta hiji ciri yen Adpati Galeuh Pakuan “SAIMBANG” sareng Sarif Hidayatullah dina jeroning bag-bagan dawah Islam. Lila-lila Kabupaten Imbangna dina sesebutanna robah jadi Kabupaten Limbangan. Tah kitu lalakona Galeuh Pakuan jadi Limbangan teh.
Sanajan Kaadipatian robah jadi Limbangan ngaran Galeuh Pakuan tetep aya, teu dipceun ku Adipati Limansenjaya Kusumah. Nyaeta ngaran tempat nu kungsi jadi puseurnapamarentahan
Cag !!!
Diserat ku Drs. Warjita

Tidak ada komentar: