nugar karémpan
ngambah lemah nu kungsi medarkeun ringkang
sapanjang aweuhan cipancar, duh limbangan
teuteup ditalimbeng simpé
sanggeus cacap nalatahkeun jampé
nu mindingan gigir kaketir
lebah siak nu nyorang cigawiran
nurih kainggis
ngiker régang karingrang nu haben niir pikir
nyeuseup hawa talapakan galuh pakuan, duh limbangan
Tampilkan postingan dengan label sajak-sajak sunda basajan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sajak-sajak sunda basajan. Tampilkan semua postingan
Sabtu, 27 November 2010
Minggu, 07 November 2010
pikeun lembur
limbangan, hiji peuting
bulan mapakan wuwungan
ngadangdanan peteng
nu nyangking kalangkang jempling
saluhureun tutunggul karuhun
notogkeun karémpan
nu kalan mulas harepan
aya haréwos peura, ngageberan hawa;
ku congo sapasang kujang
waruga beulah meredih getih
sangkan nyukcruk lampah tanggara
nyiar léngkob muara
béntang nangtawing sagigir pasir
ketipna ngahiap ibun
ting kolébat ngangkir kaketir
tuluy euntreup di pakarangan tajug
ngahibaran kohok rasa
aya haréwos peura, ngageberan hawa;
ku nyuprih inajén diri
kawaras atra reujeung cahara
sangkan payus rénghap buana
naha uga atawa supata
(1010)
angin janari
angin janari
mépéndé dangdaunan
nu usik digeuing angin
kapan urang geus paheut
papada suda migeugeut..
nyirep awuntah ibun
nu nyaliara ajir janari
kapan urang geus pasini
papada ngarajah diri..
(1010)
sésa enggon
sésa-sésa impian
ngabarak reujeung aksara
nu mancawura di juru enggon
nyusud rénghap anyar
tina hawa nu mingkin hapeuk
muru sora abringan reungit
saluhureun dedek kopi
nu kungsi nyeuseup jangji
antara getih sarta wanci
horéng enggon
ukur nganteurkeun ieu diri
sangkan paheut miara rasa
(0910)
isuk ieu
lebah ieu lahunan, aya haneut
nu ragrag ti langit
nuuskeun juuh tonggong
alatan dirérab teuteup anjeun
sapanjang peuting tadi
(0910)
mépéndé dangdaunan
nu usik digeuing angin
kapan urang geus paheut
papada suda migeugeut..
nyirep awuntah ibun
nu nyaliara ajir janari
kapan urang geus pasini
papada ngarajah diri..
(1010)
sésa enggon
sésa-sésa impian
ngabarak reujeung aksara
nu mancawura di juru enggon
nyusud rénghap anyar
tina hawa nu mingkin hapeuk
muru sora abringan reungit
saluhureun dedek kopi
nu kungsi nyeuseup jangji
antara getih sarta wanci
horéng enggon
ukur nganteurkeun ieu diri
sangkan paheut miara rasa
(0910)
isuk ieu
lebah ieu lahunan, aya haneut
nu ragrag ti langit
nuuskeun juuh tonggong
alatan dirérab teuteup anjeun
sapanjang peuting tadi
(0910)
sabab anjeun
sabab anjeun
mubus peuntaseun waktu
anjeun ngajangélék jadi halimun
nu mawur ti puhu umur
ngalimpudan gawir kaketir
tuluy nyangsaya satukangeun iga
raga amitan
seja mulas langit bihari
sangkan cangra kelir cahara
sabab anjeun ngeukeuhan rasa
(1010)
ngabaladah léngkah
mumbul wuwung langit
késang namper 'na sawangan
mebes dadampar sagara
sumsum renung nyuat balung
ngudar pamageuh dada
sangkan léngkah dibaladah
tuluy pataréma reujeung rasa
(09-1010)
Langganan:
Postingan (Atom)