Share |

Sabtu, 27 November 2010

sajak pikeun limbangan

nugar karémpan
ngambah lemah nu kungsi medarkeun ringkang
sapanjang aweuhan cipancar, duh limbangan

teuteup ditalimbeng simpé
sanggeus cacap nalatahkeun jampé
nu mindingan gigir kaketir
lebah siak nu nyorang cigawiran

nurih kainggis
ngiker régang karingrang nu haben niir pikir
nyeuseup hawa talapakan galuh pakuan, duh limbangan


rasa dirangsadan kamelang
tutas ngaguar tutungkusan wayah
nu anca nataan uga
lembur nanjung ngadaun ngora

nyuat kawaas
hiliwir angin ngageuing ruyuk sawangan
nyutat panglawungan ki dongkol katut ki rompang, duh limbangan

umpalan katineung kiwari kimpel
mapaésan jegir pasir
nu nangtawing 'na wates harepan
ngawelah tapak lampah sunan haruman

maut bangbaluh
jagat rentul ku tutunggul karuhun
ngemit tajug sarta jangjawokan, duh limbangan

kahéman narawang sarakan
mayakpak 'na pakarangan, ngaranjah lelembutan
gugupay ngahiap rahuh
kebat ngeurad rénghap ieu sajak

(09-10)

Tidak ada komentar: