Share |

Minggu, 07 November 2010

pikeun lembur


limbangan, hiji peuting

bulan mapakan wuwungan
ngadangdanan peteng
nu nyangking kalangkang jempling
saluhureun tutunggul karuhun
notogkeun karémpan
nu kalan mulas harepan

aya haréwos peura, ngageberan hawa;
ku congo sapasang kujang
waruga beulah meredih getih
sangkan nyukcruk lampah tanggara
nyiar léngkob muara

béntang nangtawing sagigir pasir
ketipna ngahiap ibun
ting kolébat ngangkir kaketir
tuluy euntreup di pakarangan tajug
ngahibaran kohok rasa

aya haréwos peura, ngageberan hawa;
ku nyuprih inajén diri
kawaras atra reujeung cahara
sangkan payus rénghap buana
naha uga atawa supata

(1010)

Tidak ada komentar: