Share |

Minggu, 07 November 2010

angin janari

angin janari

mépéndé dangdaunan
nu usik digeuing angin

kapan urang geus paheut
papada suda migeugeut..

nyirep awuntah ibun
nu nyaliara ajir janari

kapan urang geus pasini
papada ngarajah diri..

(1010)




sésa enggon

sésa-sésa impian
ngabarak reujeung aksara
nu mancawura di juru enggon
nyusud rénghap anyar
tina hawa nu mingkin hapeuk
muru sora abringan reungit
saluhureun dedek kopi
nu kungsi nyeuseup jangji
antara getih sarta wanci

horéng enggon
ukur nganteurkeun ieu diri
sangkan paheut miara rasa

(0910)


isuk ieu

lebah ieu lahunan, aya haneut
nu ragrag ti langit
nuuskeun juuh tonggong
alatan dirérab teuteup anjeun
sapanjang peuting tadi

(0910)

Tidak ada komentar: